اَللَّهُمَّ اغْفِرْ
لِلْمُؤْمِنِيْنَ وَالْمُؤْمِنَاتِ وَالْمُسْلِمِيْنَ وَالْمُسْلِمَاتِ
الأَحْيَاءِ مِنْهُمْ وَاْلأَمْوَاتِ إِنَّكَ سَمِيْعٌ قَرِيْبٌ مُجِيْبُ
الدَّعَوَاتِ
Ya Allah, hapunten
sadaya kaum mu’mini kalih mu’minat, kaum muslimin kalih muslimat, anu masih
jumeneng oge anu parantos ngantunkeun. Saestuna Anjeun teh dzat nu Maha
Ngadangu, Maha Caket, dzat anu ngabulkeun do’a.
رَبَّنَا اغْفِرْ لَنَا
وَلِإِخْوَانِنَا الَّذِيْنَ سَبَقُوْنَا بِالْإِيْمَانِ وَلَا تَجْعَلْ فِيْ
قُلُوْبِنَا غِلًّا لِلَّذِيْنَ آمَنُوا رَبَّنَا إِنَّكَ رَءُوفٌ رَحِيمٌ
Nun Rabb abdi sadaya,
hapunten abdi sadaya kalih wargi-wargi abdi sadaya anu parantos iman langkung
tipayun tibatan abdi sadaya, sareng mugi Anjeun teu kenging ngantep aya
kadengkian dina hate-hate abdi sadaya ka jalmi-jalmi anu ariman. Nun Rab abdi
sadaya, saestuna Anjeun Maha Berehan sareng Maha Miheman.
اَللَّهُمَّ آمِنَّا فِيْ
أَوْطَانِنَا وَأَصْلِحْ أَئِمَّتَنَا وَوُلَاةَ أُمُوْرِنَا وَاجْعَلْ
وِلَايَتَنَا فِيْ مَنْ خَافَكَ وَاتَّقَاكَ وَاتَّبَعَ رِضَاكَ يَا رَبَّ
الْعَالَمِيْنَ. اَللَّهُمَّ وَفِّقْ وَلِيَّ أَمْرِنَا لِهُدَاكَ وَاجْعَلْ
عَمَلَهُ فِيْ رِضَاكَ، وَارْزُقْهُ الْبِطَانَةَ الصَّالِحَةَ النَاصِحَةَ يَا
رَبَّ الْعَالَمِيْنَ
Ya Allah, paparin abdi sadaya kamananan di negeri abdi sadaya,
jantenkeun pamingpin abdi sadaya sareng penguasa abdi sadaya jalmi-jalmi anu
sholeh. Jantenkeun loyalitas abdi sadaya kanggo jalmi anu ngaraos sieun ku
Anjeun, takwa ka Anjeun, lajeng nuturkeun ridha Anjeun, ya Rabbal ‘alamin.
Ya Allah, paparin taufik kanggo para pamingpin abdi sadaya supados
kenging hidayah, jantenkeun sikep sareng laku lampah aranjeuna luyu sareng
karidoan Anjeun, sareng paparin sobat deukeut anu sholeh kanggo aranjeuna, yaa
Rabbal ‘alamin.
رَبَّنَا اغْفِرْ لَنَا
وَلِوَالِدَيْنَا وَارْحَمْهُمَا كَمَا رَبَّيَانَا صِغَارًا
Ya Allah, mugi
ngahapunten abdi sadaya sareng Ibu Rama abdi sadaya, paparin aranjeuna rohmat
sakumaha aranjeuna ngatik ngadidik abdi sadaya dina waktos alit.
رَبَّنَا اغْفِرْ لَنَا
ذُنُوْبَنَا وَإِسْرَافَنَا فِيْ أَمْرِنَا وَثَبِّتْ أَقْدَامَنَا وَانْصُرْنَا
عَلَى الْقَوْمِ الْكَافِرِيْنَ
Nun Rabb abdi sadaya, hapunten dosa-dosa abdi sadaya sareng sagala
tindak tanduk abdi sadaya anu kaleuleuwihan dina urusan abdi sadaya, pancegkeun
pendirian abdi sadaya, sareng lungsurkeun pitulung ka abdi sadaya tina
kajahatan kaum kafirin
رَبَّنَا آتِنَا فِي
الدُّنْيَا حَسَنَةً وَفِي الْآخِرَةِ حَسَنَةً وَقِنَا عَذَابَ النَّارِ
Nun Rabb abdi sadaya,
paparin abdi sadaya kamaslahatan di dunya sareng kamaslahatan di akherat, tangtayungan
abdi sadaya tina siksa naraka.
وصلى الله على نبينا محمد
وعلى اله وصحبه أجمعين
سُبْحَانَ رَبِّكَ رَبِّ الْعِزَّةِ عَمَّا يَصِفُونَ وَسَلَامٌ عَلَى
الْمُرْسَلِينَ وَالْحَمْدُ لِلَّهِ رَبِّ الْعَالَمِينَ
0 komentar:
Posting Komentar